top of page

Are You Joke ??

JAJAMU


Indung : “Nyai, jajamu naon anu tadi dibikeun ka ema teh?”
Nyai : “Aeh uhun, taditeh lepat masihkeun, kedahna kanggo bapak, eta teh jamu kuat lalaki”
Indung : “Paingan atuh, karasana asa hayang macul wae”



HEUREUY DOKTER


Pasen :“Dokter, leres abditeh katarajang kasakit koneng ?“
Dokter :“Leres“.
Pasen :“Naon tandana atuh ?“
Dokter :“Kapan eta waos Bapak ?“



SAPATU KULIT


Kabayan :”Ari silaing bisa atawa hente ngabedakeun antara sapatu kulit asli jeung anu imitasi ?“
Ibro :”Teu, teu nyaho. Cing, cing tah kumaha ngabedakeunana ?”
Kabayan :”Babari pisan, si sapatu teh sina dicoco reungit. Lamun eta sapatu barentol, eta berarti sapatu kulit asli”.



AKIBAT NGINUM


Guru :”Maneh nyaho, cing naon akibatna loba nginum teh ?”
Endul :”Terang, Pa”
Guru :”Naon ?”
Endul :”Beser…………”



DIKAPUT


Budak awewe geulis tapi centil dibawa ka rumah sakit, sukuna tatu lantaran labuh tina motor.
Dokter : “Wayahna nya Neng, lukana kedah dikaput, moal nyeri da dibaalan”.
Budak : “Mangga Dokter, mung dikaputna hoyong kubenang beureum, nganggo renda kayas, teras dina sakuna hoyong nganggo gambar kembang. Sakantenan we diobras”.
Dokter : “Ha…………………..r, memangna ngaput baju”.



AKAR


Guru : “Yu, aya jamu kuat ?”
Tk Jamu : “Aya, Pa. Malih ieu mah husus keur barudak sakola anu kurang daya nangkeupna dina Pelajaran Matematka “.
Guru : “Cik, cik, cik, tina naon ramuanna?”
Tk Jamu : “Smai we tina akar-akaran. Namun ieu mah diramuna tina ramuan akar kuadrat.



OJEG


Tk Ojeg : “Nu biasa we duarebu limaratus!”
Endul : “Boga duitna ngan sarebu”
Tk Ojeg : “Sok we numpak karunya!”
Ojeg maju, den Endul anjecle dibonceng. Barang rek eureun, jedak. Ojeg nabrak tangkal kalpa.
Endul : “Sing bener atuh, maenya eureun teh ditabrakeun kieu?”
Tk Ojeg : “Hampura Endul, mayar sarebueun mah teu diereman!”
Endul : “Beu…………………..!”



TALEUS


Kabayan :”Teung ari maneh geus apal cara ngadahar taleus, ngarah teu ateul ?”
Iteung :”Gampang, Kang. Beuti taleus dipesek, tuluy dikumbah geutahna sing beresih, tuktuy seupan. Moal ateul geura”.
Kabayan :’Hese kitumah, Teung ! nu babarimah……..memeh didahar, garoan heula taleusna!”.



JAJAMU


Dokter :” Sudah berapa hari Bapak tidak bisa kencing?”
Asnawi :” Tilu dinten, dok”.
Dokter :” Makanan apa yang bapak makan sebelumnya?”
Asnawi :“ Anu dok………Eu……jamu sari rapet“.
Dokter :“ Pantesan, rapet teuing meren!“



DISITA


Di kantor pulisi, pulisi keur ngaintrogasi Usro anu katewak geus ngalakukaeun perkosaan.
Pulisi : “ Usro, rumasa maneh geus ngalakukeun perkosaan ka Nyi Unah?”
Usro : “Rumaos, Pa”.
Pulisi : “Ku sabab maneh geus ngaku ngalakukeun perkosaan, kapaksa ayena alat anu dipake merkosa Nyi Unah ku bapa rek disita sabage barang bukti !”
Na da etamah di Usro les ngudupruk bari aduglajer.



NGAJAWAB SOAL UJIAN


Dina soal ujian anu mangrupa esey, aya pituduh kieu: Pigawe tujuh, tina
sapuluh soal anu kuhidep dianggap pangbabarina.

Gudrud wae ku maneh na mah dipigawe sapuluh soalannana, terus dihandap make

Implik-implik kieu: “Mangga we pilih tujuh, tina sapuluh jawaban anu pang merenahna.”



NGAGAMBAR JURIG


Dihiji tempat angker tim “gerayangan” keur ngadeteksi arwah nu ngageugeuh tempat eta. Tim nugaskeun saurang ahli supranatural nu katelah mbah Rewok Genjlung anu pinter ngadeteksi mahluk halus kujalan ngagambar bungkeuleukanana. Satengah jam tiharita kakara rengse,mbah Rewok Genjlung langsung ditanya ku salasaurang tim.

Tim : ” Mahluk naon nu ngageugeuh tempat ieu teh mbah ?”
Mbah Rewok : ” Kuntilanak !”
Tim : “Geuning gambarna aya dua rupa, naha kuntilanakna aya dua?”
Mbah Rewok : “Lain aya dua, tapi eta eta keneh, ngan bedana dina buukna !”
Tim : “Enya we, nu eta mah kiriting ari nu ieu mah lurus,geuning bisa kitu ?”
Mbah Rewok : “Bisi teu nyaho mah anu kiriting digambar samemeh indit kasalon, tah ari nu buukna lurus digambar balik ti salon tas di rebonding cenah.”
Tim : ?!@#

bottom of page